SILSILAH DESA BATURUYUK
Dina abad ka 15 kajadian perang Cirebon Jeung talaga. Cirebon dipimpin ku sunan kalijga Talaga dipimpin ku Arya Sangling (Arya Salingsinga).Asal mimiti Cirebon Besanan jeung Demak. Waktos arak-arakan panganten Cirebon jeung Demak ngalangkungan batas wilayah Kr.talaga .teras kr Talaga ngarasa dihina jeung diremehkeun teras kajadian perang sampekeun Talaga nu diPimpin ku Pucuk Umun pindah ka Cirebon dina taun 1528 Masehi.
Pucuk Umun jeung Nyi Ratu Mandapa lolos kabur ti karaton Talaga Pucuk Umun teh bapana ti Arya sangling jeung Nyi Sekar Mandapa bibina ti Arya Sangling. Syahdan Sunan Kalijaga mawa Arya Sangling Cirebon teras di tikahkeun jeung Ambarwati (Putri Cirebon). Arya Sangling menta izin ka Sunan Kalijaga kangge tapa jeung ninggalkeun bojona nu keur ngandung 7 sasih saentosna Arya Sangling mangkat tapa ka Alas (hutan) kaso, dicaritakkeun di karaton Cirebon Ratu Mas Dewi ambarwati Ngalahirkeun pameugeut tapi carogena teu acan dongkap saentos anakna umur 3 sasih Arya Sangling nembe dongkap ti panapaan alas kasokondayama terus datang ka rorompokna kaget ningali pun istri gaduh anak umur 3 sasih Arya Sangling nanya “Kuring hayang nyaho enya ieu teh anak simkuring?”. mun enya ieu anak kuring bade di lempar keun ka cai gede,pami anak ieu salamet berarti bener ieu anak kuring mun paeh berarti lain anak kuring.Ternyata anak eta teh salamet jeung langsung dipasihan nami Raden jaka Kambang (keur dina cai teh ngambang ngampul
). Saentosna Arya Sangling menta izin deui neraskeun tapa jeung masihan amanat pami telat datang supados anakna nyusul ka alas kaso jeung sampe ka ayeuna tempat eta teh dipasihan nami desa Kasokandel.
). Saentosna Arya Sangling menta izin deui neraskeun tapa jeung masihan amanat pami telat datang supados anakna nyusul ka alas kaso jeung sampe ka ayeuna tempat eta teh dipasihan nami desa Kasokandel.
Saentos 15 taun Raden jaka Kambang menta izin ka ibu ramana kangge milarian pun bapa ka alas kaso (kurang leuwih 40 Km ti Cirebon) pun ibu masihan restu teras Raden jaka Kambang mangkat Syahdan, di Pangumbaraan ngaliwatan hutan anu disebut Wana Ageung nu ayeuna jadi desa Leuweung Gede. Raden jaka Kambang ngajugjug ka wilayah Kulon ka alas kaso napak di alas kondayama (alas kaso). Raden jaka Kambang ningali tatangangkal caringin jeung sare di handap tangkal caringin ngimpi :” Raden jaka Kambang pami hoyong kapanggih pun rama mangkat ka kidul kena aya cai leutik lempang nyusur jalan cai ka kaler didinya pun rama aya eta teh nu disebut alas kondayama tempat panapaan naluluhur maneh. Raden jaka Kambang ngalaksanakeun titah nu di impenan tadi didinya aya tangkal caringin jeung langsung dipotong tangkal caringin eta tapi ujug-ujug tantangkalan eta teh ngalengit jadi ksatria nu gagah”saha maneh saenyana?’ Raden jaka Kambang ngajawab “kuring teh putrana ti Rama Arya Salingsingan” tah eta ksatria teh nya eta Raden Salingsingan” ieu teh rama Raden nu ditinggalkeu keur masih luetik” Raden jaka Kambang sujud ngarangkul ramana jadilah mandapa (Mandap Ka bapa).
Dicaritakeun ti karaton Cirebon Sunan Kalijaga di tugaskeun ku Syekh Syarif hidayatullah kangge ngajemput Nyi Sekar Mandapa kangge ka Agama Islam tapi Syekh Durahman tos dua kali ngajak malah ngaleungit teu hoyong ka agama islam waktos eta Syekh Durahman jadi guru agama islam jeung ngamandian jalmi nu hoyong meluk agama islam di wilayah alas kondayama ngadamel sumur tempat abdas nu disebut sumur bado (badan) nu di tugaskeun ngajaga sumur eta teh nyaeta sesepuh Alas kondayama nyaeta Nyi Mas Astrawinata. Nyi Sekar Mandapa sampe ka hiji tempat nu di aranan Sabayu mimitina ti di saba ning wong ayu (kadatangan kunu geulis). Asal mimiti Nyi Sekar Mandapa datang nyawah di hiji tempat nu loba batuan .dina waktos eta tempat eta teh di sebut Desa Baturuyuk asal mimiti tina nyawah dina taneuh nu campur jeung batu teras nu masihan nami nyaeta para wali ti Cirebon di antawisna Sunan Kalijaga.







0 komentar:
Posting Komentar